Sendal Capit
“Ambuing !, Sendal Capit, saha , nu cucungah ! , nyelap na tumpukan , erak sapatu, uing? “, pasti, lain nu uing, beda bahan, beda merek, jeung beda bauna !. Sendal di iwir-iwir disalabarkeun ka unggal lembur, keukeuh euweuh nu ngaku . Ngareureuhkeun cape, di juru pasar. Panasaran, Sendal di kaluarkeun. Siga nu jangjangan, geleber, sendal hiber !. Ngalayang tarik, muru tihang bandera nu aya di hareupeun kantor Bupati. Bandera nu aya di porosotkeun, di andih ku manehna. Sendal capit ceuceuleukeuteukan, ngengklak, diayun ambing ku angin. Sapangeusi kantor tingberetek kaluar, hookeun mireng tetempoan aheng awal taun anyar, pameunteu Bapa Bupati ngembang wera. Di Karang Tumaritis si Cepot jeung si Dewala keur ting cakakak, nempo eusi gambar lopian, meunang nyewa ti Batara Kresna.

Koméntar kana ieu Fikmin:
  1. Yanti Sri Budiarti: Sendal capit marakayangan..! Neangan kaadilan nu geus lawas ngahiang...hiks..!
  2. Tien Widartini Darodji: teungteuingeun sendal capit kenakena nuju populer
  3. Didin Wahyudin: Sendal Capit mah nu Ab'i Kang,pami Sandal Jepit mah anuna si anu téa tah si èta lah pokona mah si oknum téa. Huph !
  4. Bunda Unie: heuheuy...demam sendal capit...
  5. Jojo Johari: Moal bade ngabahas perkara sendal capitna. Tapi bade merkarakeun Batara Kresna. Naha ka punakawan wae mani kudu nyewakeun. Apanan eta teh rahayat andika, Batara? Mani kejem ih! Peupeuriheun sodaqoh mah, atuh saeutikna mere nginjeum heuheuheu
  6. Godi Suwarna: :"Sendal capit kiwari jadi kacapangan, bongan talajak kaum sapatu nu teu weleh nincak hulu. Hiji mangsa, sendal capit bakal adu hareupan jeung sapatu. Bakal jarogol di banjarkarang, kulantaran 'mata cokor' kaum sapatu kareumpeukan ku kuit nu tinggurilap..."
  7. Ahmad Yani: @Yanti Sri Budiarti : Kawit tina senda capit, mugia tiasa janten lawang pamuka, kangge ngicalkeun saneskanten berewit ! hi hi hi !
  8. Ahmad Yani: @Tien Widiartini Daroji : Muhun saurna, tos teu kiat, teras-terasan di leyek !, janten bade lah-lahan wae toh pati jiwa raga, nanjeurkeun bebeneran nu tos ting laleos duka nyumput dimana ! he he !
  9. Ahmad Yani: @Didin Wahyudin : He he he ,,, manawi teh sanes kagungan Kang Didin, sumangga atuh enjing seja di sanggakeun ! heu heu !
  10. Ahmad Yani: @Bunda Unie : Sumuhun Bunda !, dugi ka janten muriang kieu ! hi hi!
  11. Ahmad Yani: @Bunda Unie : Sumuhun Bunda !, dugi ka janten muriang kieu ! hi hi!
  12. Ahmad Yani: @Bunda Unie : Sumuhun Bunda !, dugi ka janten muriang kieu ! hi hi!
  13. Ahmad Yani: @Bunda Unie : Sumuhun Bunda !, dugi ka janten muriang kieu ! hi hi!
  14. Ahmad Yani: @Bunda Unie : Sumuhun Bunda !, dugi ka janten muriang kieu ! hi hi!
  15. Ahmad Yani: @Bunda Unie : Sumuhun Bunda !, dugi ka janten muriang kieu ! hi hi!
  16. Ahmad Yani: @Bunda Unie : Sumuhun Bunda !, dugi ka janten muriang kieu ! hi hi!
  17. Cucu Rahmat: pami teu lepat mah eta sendal jepit teh titisan ti hanoman, keur neangan arwah rahwana... sabab geus 2 tauh ka tukang kabur cnah....
  18. Saefull Atk Archiva: sendal capit merekna naon kitu kang Ahmad Yani....swalo apa sunli...??
  19. Heni Sumarni: SUMPAH ngudagna cape...imajinasi kang Ahmad Yani ngajaul teuing ah...ac leng - ac lengan!
  20. Endah Dinda Jenura: uluh uluh eta sendal capit abi nu ical, unggah darajat, amengna sareng tihang bandera ayeuna mah... hahaha!
  21. Ahmad Yani: Kang Jojo Johari : Heu heu heu... aya kamajengan Batara Kresna teh ayeuna mah, he he he ... Nyobian Bisnis saurna, nyewakeun " Gambar Lopian", lumayan hasina mucekil, sajam na 5 Rebu, geseh sauted ti PS -3 . Ha ha ha ha ha !!
  22. Ahmad Yani: @Kang Godi Suwarna : Numutkeun Gambar Lopian, nu ditingali Ku Si Cepot mah !,Moal lami deui saurna mah Ang !, Kaum Sendal Capit teh bade ngamukna ! ha ha ha !, paling tomper taun 2014 ... hi hi hi hi hi !
  23. Ahmad Yani: @Cucu Rahmat : He he he he... tiasa janten kitu Ang Cucu !?, wah kabayang upami Wadia Balad Hanoman tos ngamuk, moal aya nu nyesa rupina penduduk Alengka teh ! he he he he !
  24. Ahmad Yani: @Saefull Atk Archipa: Rupi-rupi Ang merek na teh , aya : Marjinal , Marhaen, Sudra, Koreh-koreh cok, jrrd !. hi hi hi !
  25. Ahmad Yani: @Heni Sumarni : Heu heu heu ... teu kahaja manawi Neng Heni !, nuju anteng nagrit dina galengan sawah !, teu ku hanteu ieu hate jadi ngalayang katebak angin ! ha ha ha ha ha !!
  26. Ahmad Yani: @Endah Dinda Jenura : Heu heu heu ...tos bosen saurna mah Neng !, nyareri awak,balas ku di tincakan wae !, sakali-kai hoyong ngaraosan janten nu gaduh lalakon, ayun ambing na tihang bandera ! xixixxixixixiii !!!
  27. Iwan Hanjuang: enonesa teh nagara hukum ceuk gajah bari nincakan sireum,geus euweuh sireum ditincak ngegel mah..
  28. Dadang Soekanda: Kang eta sendal capit tos ngarungkupan dunya, maung nyengir tuturubun, pedah sendal capit nu nincek taikotok kaletak ku manehna.
  29. Nana Slamet Tresna Aji: Sendal capit nu sakti, boa-boa tiasa oge ngaruntagkeun nagara tah sendal capit teh
  30. Mamat Supriatna: Padahal paok, teras rendengkeun di pangadilan korupsi....dor!
  31. Ahmad Yani: @Iwan Hanjuang : Hukum nu luway-liwey, sapertos permen karet tea Ang ! heu heu heu!
  32. Ahmad Yani: @Dadang Soekanda : Heu heu heu ....mugia we kapayun mah, para sendal Capi, teh leres-leres tiasa " NYAPIT", sanes mung saukur bahan leyekeun batur ! he he he ehe ... hatur nuhun Ang !Dadang !
  33. Kinkin Abdul Hakim: Sendal jepit nuju naek daun...
  34. Kinkin Abdul Hakim: Sendal jepit nuju naek daun...
  35. Kinkin Abdul Hakim: Sendal jepit nuju naek daun...
  36. Ahmad Yani: @Nana Slamet Tresna Aji : Rupina tiasa kana kituna Ang !, margi kembang-kembangna mah tos katingal, kantun ngantosan anu niupkeun piriwitna ! heu heu heu !
  37. Ahmad Yani: @Mamat Supriatna : Pungkil tah Ang ! ide teh !, tada teuing geunjleungna upami leres kajantenan ! he he !
  38. Iman Ramdani: mangga tak siloka sendal...
  39. Saefull Atk Archiva: kang Ahmad Yani...dimana2 oge nu pungkil mah....taneuh lempung hehehehe....
  40. Ahmad Yani: @ Iman Ramdani : He he he he ... hatur lumayan, manawi peryogi, sumangga kaleresan aya keneh sabeulah yeuh , sendal capit teh ! hi hi hi hi !
  41. Ahmad Yani: @Saefull Atk Archiva : heu heu heu heu , taneuh lempung memang pungkil Ang !, namung langkung pungkil pingping Bangkong !, komo Bangkong hejo mah !! ha ha ha ha !!